Duh manusa mana kaniaya teuing (12-i)
teu aya rasrasan (7-a)
abong ka mahluk nu laip (8-i)
nyiksa henteu jeung aturan (8-a)
Duh manusa mana teungteuingeun teuing
Nyangsara pohara
Naha naon dosa kuring
Anu matak dikurungan
Laman
▼
Minggu, 17 Oktober 2010
Wirangrong
Barudak mangka ngalarti (8-i)
Ulah rek kadalon-dalon (8-o)
Enggon-enggon nungtut elmu (8-u)
Mangka getol mangka tigin (8-i)
Pibekeleun sarerea (8-a)
Modal bakti ka nagara (8-a)
Ulah rek kadalon-dalon (8-o)
Enggon-enggon nungtut elmu (8-u)
Mangka getol mangka tigin (8-i)
Pibekeleun sarerea (8-a)
Modal bakti ka nagara (8-a)
Pucung
Estu untung nu bisa mupunjung indung (12–u)
jeung nyenangkeun bapa (6–a)
tanda yen bagjana gede (8–e)
hitup mulus kaseundeuhan ku berekah (12–a)
Hayu batur urang dialajar sing suhud
Kalakuan lalawora
Bisi engké henteu naék
Batur seuri, urang sumegruk nalangsa
jeung nyenangkeun bapa (6–a)
tanda yen bagjana gede (8–e)
hitup mulus kaseundeuhan ku berekah (12–a)
Hayu batur urang dialajar sing suhud
Kalakuan lalawora
Bisi engké henteu naék
Batur seuri, urang sumegruk nalangsa
Pangkur
Seja nyaba ngalalana (8–a)
ngitung lembur ngajajah milang kori (12–i)
henteu puguh nu dijugjug (8–u)
balik paman sadaya (7–a)
nu ti mana tiluan semu rarusuh (12–u)
Lurah Begal ngawalonan (8–a)
“Aing ngaran Jayapati” (8–i)
Bapa Doblang dina caang
Kumis baplang nuruban biwir nu jeding
Damis kemong, irung mancung
Panon buringas hérang
Goréng omong gawang-geuweung harung gampung
Pantrang mayar kana hutang
Licik sarta sok curaling
ngitung lembur ngajajah milang kori (12–i)
henteu puguh nu dijugjug (8–u)
balik paman sadaya (7–a)
nu ti mana tiluan semu rarusuh (12–u)
Lurah Begal ngawalonan (8–a)
“Aing ngaran Jayapati” (8–i)
Bapa Doblang dina caang
Kumis baplang nuruban biwir nu jeding
Damis kemong, irung mancung
Panon buringas hérang
Goréng omong gawang-geuweung harung gampung
Pantrang mayar kana hutang
Licik sarta sok curaling
Magatru
Mun sumuhun ieu teh namina curuk (12-u)
nu alit namina cingir (8-i)
anu panjang mah jajangkung (8-u)
gigireunana jariji (8-i)
anu pangageungna jempol (8-o)
Coba teguh naon nu sukuna tilu
Panon opat henteu galib
Leumpangna rumanggieung laun
Éstuning ku matak watir
Dongko bari oho-oho
nu alit namina cingir (8-i)
anu panjang mah jajangkung (8-u)
gigireunana jariji (8-i)
anu pangageungna jempol (8-o)
Coba teguh naon nu sukuna tilu
Panon opat henteu galib
Leumpangna rumanggieung laun
Éstuning ku matak watir
Dongko bari oho-oho
Sabtu, 16 Oktober 2010
Lambang
Nawu kubang sisi tegal (8–a)
nyair bogo meunang kadal (8–a)
atuh teu payu dijual (8–a)
rek didahar da teu halal (8–a)
Riab anu lalumpatan
Lumpat bari tatanggahan
Tingalasruk susurakan
Rék ngarucu langlayang
nyair bogo meunang kadal (8–a)
atuh teu payu dijual (8–a)
rek didahar da teu halal (8–a)
Riab anu lalumpatan
Lumpat bari tatanggahan
Tingalasruk susurakan
Rék ngarucu langlayang
Ladrang
Aya hiji rupa sato leutik (10-i)
Engkang-engkang, engkang-engkang (8-a)
Sok luluncatan di cai (8-i)
Ari bangun arek sarupa jeung lancah (12-a)
Coba teguh séwang telek telik
Éta gambar, éta gambar
Sugan nyaho, Ujang nyai
Sato naon reujeung di mana ayana
Engkang-engkang, engkang-engkang (8-a)
Sok luluncatan di cai (8-i)
Ari bangun arek sarupa jeung lancah (12-a)
Coba teguh séwang telek telik
Éta gambar, éta gambar
Sugan nyaho, Ujang nyai
Sato naon reujeung di mana ayana
Juru demung
Mungguh nu hirup di dunya (8-a)
Ku kersaning anu agung (8-u)
Geus pinasti panggih (6-i)
Jeung dua rupa perkara (8-a)
Senang paselang jeung bingung (8-u)
Mun pinanggih jeung kasusah
Omat kalakuan rék nguluwut
Pasrahkeun ka Gusti
Ihtiar kalakuan ancik
Neda kurnia Nu Agung
Mangga atuh geura di undeur wae di dieu sora suling na haratis
Ku kersaning anu agung (8-u)
Geus pinasti panggih (6-i)
Jeung dua rupa perkara (8-a)
Senang paselang jeung bingung (8-u)
Mun pinanggih jeung kasusah
Omat kalakuan rék nguluwut
Pasrahkeun ka Gusti
Ihtiar kalakuan ancik
Neda kurnia Nu Agung
Mangga atuh geura di undeur wae di dieu sora suling na haratis
Gurisa
Hayang teuing geura beurang (8–a)
geus beurang rék ka Sumedang (8–a)
nagih anu boga hutang (8–a)
mun meunang rék meuli soang (8–a)
tapi najan henteu meunang (8–a)
teu rék buru buru mulang (8–a)
rék tuluy guguru nembang (8–a)
jeung diajar nabeuh gambang (8–a)
geus beurang rék ka Sumedang (8–a)
nagih anu boga hutang (8–a)
mun meunang rék meuli soang (8–a)
tapi najan henteu meunang (8–a)
teu rék buru buru mulang (8–a)
rék tuluy guguru nembang (8–a)
jeung diajar nabeuh gambang (8–a)
Gambuh
Ngahuleng banget bingung (7–u)
henteu terang ka mana ngajugjug (10–u/i)
turug turug harita teh enggeus burit (12–i)
panon poe geus rek surup (8–u)
keueung sieun aya meong (8–o)
Tuh éta beurit lintuh
Mani rendey anakna sapuluh
Arilikan gambarna séwang taliti
Anakna kabéh ngariung
Saregep hormat ka kolot
henteu terang ka mana ngajugjug (10–u/i)
turug turug harita teh enggeus burit (12–i)
panon poe geus rek surup (8–u)
keueung sieun aya meong (8–o)
Tuh éta beurit lintuh
Mani rendey anakna sapuluh
Arilikan gambarna séwang taliti
Anakna kabéh ngariung
Saregep hormat ka kolot
Durma
Moal ngejat sanajan ukur satapak (12-a)
Geus dipasti ku jangji (7-i)
Mun tacan laksana (6-a)
Numpes musuh sarakah (7-a)
Heunteu niat seja balik (8-i)
Najan palastra (5-a)
Mati di medan jurit (7-i)
Di mamana pangjajah dina marudah
Lantaran dikiritik
Ku ahli nagara
Yén éta lampah jahat
Tapina éléh mudigdig
Ambek-ambekan
Dasar nu buta-tuli
Geus dipasti ku jangji (7-i)
Mun tacan laksana (6-a)
Numpes musuh sarakah (7-a)
Heunteu niat seja balik (8-i)
Najan palastra (5-a)
Mati di medan jurit (7-i)
Di mamana pangjajah dina marudah
Lantaran dikiritik
Ku ahli nagara
Yén éta lampah jahat
Tapina éléh mudigdig
Ambek-ambekan
Dasar nu buta-tuli
Balakbak
Aya warung sisi jalan ramé pisan, Citaméng
Awéwéna luas-luis los ka pawon, ngagoréng
Lalakina los ka pipir nyoo monyét, nyanggéréng
Mangga bilih aya nu peryogi audio sora sulingna
tong asa asa haratis Undeur wae di dieu
Awéwéna luas-luis los ka pawon, ngagoréng
Lalakina los ka pipir nyoo monyét, nyanggéréng
Mangga bilih aya nu peryogi audio sora sulingna
tong asa asa haratis Undeur wae di dieu
Pupuh Sinom
Warna-warna lauk empang (8-a)
Aya nu sami jeung pingping (8-i)
Pagulung patumpang-tumpang (8-a)
Ratna Rengganis ninggali (8-i)
Warnaning lauk cai (7-i)
Lalawak pating suruwuk (8-u)
Sepat pating karocepat (7-a)
Julung-julung ngajalingjing (8-i)
Sisi balong balingbing, sisi balungbang (12-a)
Kelir-kelir lauk émpang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna Rengganis ningali
Warnaning lauk cai
Lalawak patingsuruwuk
Sepat patingkarocépat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balingbing sisi balungbang
Upami saderek peryogi ngagelikna sora suling sinom mangga geura Undeur wae di dieu haratis
Aya nu sami jeung pingping (8-i)
Pagulung patumpang-tumpang (8-a)
Ratna Rengganis ninggali (8-i)
Warnaning lauk cai (7-i)
Lalawak pating suruwuk (8-u)
Sepat pating karocepat (7-a)
Julung-julung ngajalingjing (8-i)
Sisi balong balingbing, sisi balungbang (12-a)
Kelir-kelir lauk émpang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna Rengganis ningali
Warnaning lauk cai
Lalawak patingsuruwuk
Sepat patingkarocépat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balingbing sisi balungbang
Upami saderek peryogi ngagelikna sora suling sinom mangga geura Undeur wae di dieu haratis
Rabu, 13 Oktober 2010
Pupuh Kinanti
Budak leutik bisa ngapung (8-u)
Babaku ngapungna peuting (8-i)
Nguriling kakalayangan (8-a)
Neangan nu amis-amis (8-a)
Sarupaning bungbuahan (8-a)
Naon bae nu kapanggih (8-i)
Babaku ngapungna peuting (8-i)
Nguriling kakalayangan (8-a)
Neangan nu amis-amis (8-a)
Sarupaning bungbuahan (8-a)
Naon bae nu kapanggih (8-i)
Pupuh Dangdanggula
Mega beureum surupna geus burit (10-i)
Ngalanglayung panas pipikiran (10-a)
Cikur jangkung jahe koneng (8-e)
Naha teu palay tepung (7-u)
Sim abdi mah ngabeunying leutik (9-i)
Ari ras cimataan (7-a)
Gedong tengah laut (6-u)
Ulah kapalang nya bela (8-a)
Paripaos gunting pameulahan gambir (12-i)
Kacipta salamina (7-a)
Sing aringet kalakuan salah harti
Ngomongkeun batur téh penting pisan
Ngomong-ngomong tong polontong
Kabéh ngomongkeun batur
Keur muru hirup nu walagri
Diajar ngalalampah
Napak hirup batur
Maca kana pangalaman
Léngkah nu hade keur picontoeun diri
Nu goréng mah singkahan
Ah moal basa basi Undeur wae di dieu sora suling na. mangga
Ngalanglayung panas pipikiran (10-a)
Cikur jangkung jahe koneng (8-e)
Naha teu palay tepung (7-u)
Sim abdi mah ngabeunying leutik (9-i)
Ari ras cimataan (7-a)
Gedong tengah laut (6-u)
Ulah kapalang nya bela (8-a)
Paripaos gunting pameulahan gambir (12-i)
Kacipta salamina (7-a)
Sing aringet kalakuan salah harti
Ngomongkeun batur téh penting pisan
Ngomong-ngomong tong polontong
Kabéh ngomongkeun batur
Keur muru hirup nu walagri
Diajar ngalalampah
Napak hirup batur
Maca kana pangalaman
Léngkah nu hade keur picontoeun diri
Nu goréng mah singkahan
Ah moal basa basi Undeur wae di dieu sora suling na. mangga
Pupuh Mijil
Mesat ngapung putra Sang Arimbi (10-i)
Jeung mega geus awor (6-o)
Beuki lila beuki luhur bae (10-e)
Larak-lirik ninggali ka bumi (10-i)
Milari sang rai (6-i)
Pangeran Bimanyu (6-u)
Bilih para wargi meryogikeun Audio ngageulikna sora suling mangga Undeur di dieu Haratis.
Jeung mega geus awor (6-o)
Beuki lila beuki luhur bae (10-e)
Larak-lirik ninggali ka bumi (10-i)
Milari sang rai (6-i)
Pangeran Bimanyu (6-u)
Bilih para wargi meryogikeun Audio ngageulikna sora suling mangga Undeur di dieu Haratis.
Pupuh Asmarandana
Eling eling mangka eling (8-i)
rumingkang di bumi alam (8–a)
darma wawayangan bae (8–e)
raga taya pangawasa (8–a)
lamun kasasar lampah (7–a)
nafsu nu matak kaduhung (8–u)
badan anu katempuhan (8–a)
Selasa, 12 Oktober 2010
PUPUH SUNDA NU 17
17 PUPUH SUNDA:
PERPADUAN ANTARA SENI SASTRA SARTA SENI SORA
Naon ari Pupuh téh ? Pupuh nyaéta karya sastra ngawangun puisi anu kaasup bagian tina hasanah sastra Sunda. Ari Pupuh téh terikat ku patokan (aturan) pupuh mangrupa guru wilangan, guru lagu, sarta watek. Guru wilangan nyaéta jumlah engang (suku kecap) unggal padalisan (larik/baris). Guru lagu nyaéta sora panungtung (sada vokal ahir) unggal padalisan. Sedengkeun watek nyaéta karakteristik eusi pupuh.
Jumlah pupuh kabéhanana aya 17 jenis pupuh kabagi kana dua kategori, nyaéta 4 jenis pupuh nu kaasup kana Sekar Ageung sarta 13 jenis pupuh séjénna kaasup kana Sekar Alit. Pupuh Sekar Ageung bisa ditembangken (dinyanyikan) kalayan ngagunakeun leuwih ti hiji jenis lagu, sedengkeun pupuh Sekar Alit ngan bisa ditembangken ku hiji jenis lagu waé. Di handap ieu nyaéta 17 jenis pupuh anu dimaksad:
Sekar Ageung
Pupuh Kinanti
Pupuh Sinom
Pupuh Asmarandana
Pupuh Dangdanggula
Sekar Alit
PERPADUAN ANTARA SENI SASTRA SARTA SENI SORA
Naon ari Pupuh téh ? Pupuh nyaéta karya sastra ngawangun puisi anu kaasup bagian tina hasanah sastra Sunda. Ari Pupuh téh terikat ku patokan (aturan) pupuh mangrupa guru wilangan, guru lagu, sarta watek. Guru wilangan nyaéta jumlah engang (suku kecap) unggal padalisan (larik/baris). Guru lagu nyaéta sora panungtung (sada vokal ahir) unggal padalisan. Sedengkeun watek nyaéta karakteristik eusi pupuh.
Jumlah pupuh kabéhanana aya 17 jenis pupuh kabagi kana dua kategori, nyaéta 4 jenis pupuh nu kaasup kana Sekar Ageung sarta 13 jenis pupuh séjénna kaasup kana Sekar Alit. Pupuh Sekar Ageung bisa ditembangken (dinyanyikan) kalayan ngagunakeun leuwih ti hiji jenis lagu, sedengkeun pupuh Sekar Alit ngan bisa ditembangken ku hiji jenis lagu waé. Di handap ieu nyaéta 17 jenis pupuh anu dimaksad:
Sekar Ageung
Pupuh Kinanti
Pupuh Sinom
Pupuh Asmarandana
Pupuh Dangdanggula
Sekar Alit